Di Cianjur ayeuna, nu jadi sabiwir hiji teh nyaeta ayana Hypermart. Hiji Pusat Perbelanjaan Modern nu kawilang gede keur ukuran kota leutik siga Cianjur mah. Tempatna ngamangpaatkeun bangunan urut Harimart nu sababaraha kali ganti ngaran geus Super Bazaar tea terus Mayofield tur ka Hypermart ayeuna.
Memang lain ngan hiji-hijina pusat balanja modern nu aya di Cianjur, memehna ge apan geus aya Toserba Selamat di parapatan Joglo , terus Tiara di Jalan Siti Jenab laju di Pasar Muka aya Ramayana Departement Store. Nu ngaranna Indo Mart jeung Alfa Mart teuing aya sabaraha, nu jelas rakyat Cianjur keur meujeuhna diwowoy ku nu baroga modal gede jadi gampil balanja keur kaperluan sapopoena dimana bae.
Balik deui ka Hypermart, tadina mah rada hemar-hemir diajakan ku indung barudak ka Hypermart teh ,lantaran memehna geus nyebar beja rek aya demo gede-gedean ti warga pasar nu eusina nolak ayana Hypermart. Sieun kumaha onam we ari kolot mah. Tapi sanggeus tetela euweuh nanaon, da geuning beja nu nyebar najar rek aya demo teh geuning ukur beja nu euweuh bukurna, nya de bring weh jeung barudak ka Hypermart.
Leuh enya we, tetela memang Hyper, keur nu karek manggihan siga uing mah,nya kaasup aheng we. Memang ngeunaheun balanja di hypermart teh. Teu rek kitu kumaha , tempatna lega,sarareungit, teu hareudang da make AC , sanajan keur hujan badag ge teu kairisan komo bari suku jeblog ku leutak mah jararauh. Barang-barangna salian ti sagala aya, nempatkeunana ge mani dipapantes malar narik ati nu rek meuli.
Mun dititenan tur dibanding-banding barang nu aya di Hypermart jeung nu aya di Pasar Tradisional, onjoyna Hypermart lolobana ditunjang ku produk-produk import. Eta we lauk Salem atawa Salmon tea, da salila sok mimilu kapasar boh milu jeung indung atawa lanceuk basa keur budak atawa jeung urut kabogoh ayeuna, asa can kaparengan manggihan aya nu ngajual lauk Salmon aya ge pindang lauk salem di mang Adul, tapi ayeuna di Hypermart mah geus sayagi di keureutan disimpen luhureun gundukan es. Meunang ngimport tangtuna ge da lauk Salem mah lain lauk nu hirup di Indonesia. Loba pisan barang atawa sayuran, buah-buahan jeung lian-lianna nu karek kapanggih. Tapi cenah ceuk indung barudak mah, karek aya soteh di Cianjur da di Kota-kota sejen saperti Bogor , Bandung, Sukabumi komo Jakarta mah nu kitu teh geus lain barang aneh.
Cindekna mah, peuting harita sagala dirawel, nu diimpleng ti imah dibawa, nu aneh dirampid , teu karasa troli ampir nengah mangkaning lain troli nu leutik ieu mah anak gajah ge asup cek bohongna mah. Wallohu ‘alam teu hayang nyaho sabaraha indung barudak ngaluarkeun duit mayar barang-barang nu aya dina troli. Sieun reuwas !
Balik ka imah, masih keneh kacipta lalakon balanja di Hypermart, kumaha bagenahna. Adat tukang ngalamun datang deui, sagala kabayang sagala kahayanag ting torojol. Sagala kacipta.Breh kabayangkeun kalakuan ka pasar induk poe kamari asa karasa keneh. Hujan ti peuting parat ka isuk ngabolaykeun niat nganteur dulur ka jero pasar, kacipta berelokna , jaba awak mucicid padahal kaos di dobel jeroeun jeket. Antukna nungguan di tukang Kupat Tahu Singaparna bari nyerangkeun nu kaluar asup Pasar Induk Cianjur. Ning teu mangaruhan-mangaruhan teuing ayana Hypermart teh. Buktina sanajan bari hujan ge, teu burung pagelek-gelek we di Pasar Induk nu kaasup kana kategori Pasar Tradisional teh. Jadi inget kana cariosan Prof. Dr. Rully Indrawan MS ti Universitas Pasundan, cenah budaya the diwangun oge ku kulawarga jeung pasar. Pasar tradisional mah, saurna, aya proses sosial jeung demokrasi beda jeung kayaan di Pusat perbelanjaan modern. pan di pasar mah balanja na ge make rebut tawar, kadang-kadang make sok jeung pancakaki sagala bungbu balanja di pasar mah. Hiji hal nu pamohalan aya mun urang balanja di Pusat Balanja modern. “ Pasar tradisional mah nu baroga modal na ge masyarakat padagang nu laleutik , ari pusat balanja modern mah para konglomerat malah kadangkala nu boga modalna ge urang luar “ kitu kasauran Pa Rully basa biantara dina acara Seminar Sehari Membangun Bangsa Berbasis Budaya di Bale Praja Cianjur sawatara waktu kaliwat.
Keun heula eta. Nu jadi lamunan saentasna balanja ti hypermart teh ngan hiji. Tada teuing bungahna urang Cianjur, mun seug dipangnyieunkeun Pasar Tradisional anu bagenah siga di hypermart.Meureun moal sieun becek mun hujan atawa hareudang bayeungyang mun usum panas komo bari bararau runtah mah. Meureun tangtuna ge kaayaan pasar nu bagenah-begenih saperti di hypermart bakal ngaronjatna minat nu balanja jeung nu daragang . Mun geus kitu, piraku teuing ajen perekonomian masyarakat Cianjur teu milu ngaronjat. Masyarakat Pasar tradisional teu kudu make bingbang hariwang komo make sieun kasilih ku ayana pusat-pusat perbelanjaan modern. Nu puguh urang kudu leuwih kageuing. Sing leuwih sumanget jeung leuwih daria ngurus jeung ngokolakeun Pasar tradisional sing bisa satata jeung Pusat-pusat perbelanjaan modern.
Bisa kitu kira-kirana ?
Wallohu ‘alam. Ngan jadi inget kana dongeng budak basa studi banding ka Kabupaten Jembrana Bali. Cenah Visi Misi Kabupaten Jembrana mah ukur kieu unina : KALAU MAU , PASTI BISA . hartina mun aya kahayang pasti aya jalan . Mun keyeng tangtu pareng !
Cenah mah aya rencana pasar kota jeung pasar Bojongmeron teh rek dipindahkeun. Tah, kumaha kinten-kintena Pa Bupati, upami ti ayeuna kenah dirarancang , Pasar nu bade dibangun teh, sing sina bagenah bagenih. Pokona mah dibuat sedemikian rupa sehingga…weh ieu mah ! Ulah siga nu ayeuna, seueur mubadzirna. Teu kedah bertingkat cenah, asal sing lega tur merenah bari beresih. Sing asak we rencana na ulah kejot borosat siga nu atsos-atos.
Pasar tradisional teh asset. Salian ti asset daerah kangge ngaronjatkeun ekonomi cenah cek para ahli mah pasar tradisional teh asset budaya nu kacida pentingna.
Mudah-mudahan we, Visi Kabupaten Cianjur teh diantarana menuju tatanan masyarakat Cianjur yang lebih sejahtera apanan. Kukituna susuganan we sasieureun – sabeunyeureun tulisan ieu tiasa kamanah ku Pa Bupati. Amin Ya Mujibassailin
Faidza azamta , fatawaqqal ‘alalloh.
Wassalam.
Ku: H.Dede Asy’arie